Legenda Palabuhan Ratu Bagian ( 1 ) Pengasuh : Apih Yance

SUKABUMI,MPI :Langit harita ngadadak angkeub. Panon poé moncorong ujug-ujug kahalangan aling-aling mega gugumplukan bodas. Tapi teu lila robah jadi pepedut pulas kulawu. Riuk langit jiga rék hujan gedé, asa teu sisinarieun. Nyaho keur usum katiga, halodo panjang. Karasa asa keueung. Komo angin ngagelebug huak-hiuk mirig tatangkalan anu keur ngibing mani motah.

Istana karajaan anu agréng katempo cakueum. Padah isuk-isuk mah kaayaan mani daria. Boh raja katut saeusina istana muru kabagjaan. Sabab aya beja permaésuri anu geus bulan alaeun rék ngalahirkeun. Tapi bet kunaon ngadadak robah? Aya kila-kila naon?

Ema beurang ciling-cingcat ka pangsaréan permaésuri. Dayang-dayang geus sababaraha kali naheur cai. Geus tiis deui tiis deui. Ema beurang oge jadi kaweur. Anu biasa diparajian ku manéhna henteu model kieu. Paling nungguan satengah jam terus brol. Ieu geus leuwih ti satengah poé. Jauh tina panempo ema beurang. Èmang itu téh dara, tapi biasana teu kieu-kieu teuing. Pédah ieu permaésuri raja kitu?

Permaésuri Intan Déwata ngaheujeun teu eureun-eureun. Sakeudeung reureuh. Ngumpulkeun tanaga. Ngaheujeun deui bari jeung pepereket muntang kana leungeun ema beurang. Raja Munding Wangi anu asalna hayang nyaksian, teu tégaeun. Ngoléséd, tuluy kaluar. Terus nungguan di luar pangsaréan permaésuri kalayan haté guligah. Teu puguh rasa nungguan pamajikanana nandonkeun nyawa keur buah katrésna.

Sareupna kakara kadéngé goar munggaran budak mani jengér. Raja Munding Wangi cengkat bari jeung bungah. Anu marengan raja ogé kitu, barungaheun. Nepikeun kabungah ka raja ku tapak deku bari nyembah. Raja Munding Wangi teu bisa antaré, hayang geura jonghok jeung budak. Tapi raja sabar nungguan budakna dipulasara heula ku ema beurang. Geus meunang ngabedong, ema beurang mintonkeun ka raja. Barang ngadéngé yén anakna awéwé, kaciri paromana raja robah. Riuk kabungah ganti ku riuk kuciwa. Raja Munding Wangi ngajéngkat. Teu lila hujan turun ngagebrét diselang dor-dar gelap.

Éta 17 taun katukang. Orok beureum camperenik dingaranan Déwi Kadita. Ayeuna geus jadi wanoja geulis kawanti-wanti. Paromana ngadaun seureuh. Kulit konéng langsat beresih. Ari imut mani ngagelenyu. Saha atuh jajaka anu teu kapincut? Ari buuk panjang nepi ka pingping. Hideung meles. Lamun diangir sok dibantuan ku dua urang dayang. Paribut dayang teh lamun kabeneran nu geulis rék nyisiran atawa kuramas. Buukna seungit malati.

Nu geulis bawaanana antieum. Leuwih loba ngadengé tibatan cumarita. Lamun cumarita ka saha baé, Déwi Kadita mah sopan. Dibarengan rengkuh anu pikayungyuneun. Sanajan anak raja, soméahna teu kaéléhkeun ku sasaha. Ka ditu ka dieu ngahargaan. Jauh tina sipat adigung. Matak cing saha baé anu ngawangkong jeung Déwi Kadita, kabeh gé ngarasa ajrih.

Kusabab Déwi Kadita awéwé, raja Munding Wangi ngarasa teu puas. Anu dipiharep téh anak lalaki keur neruskeun kalungguhanana jadi raja. Ku kituna Déwi Kadita loba pisan teu dipiruséa ku bapana. Loba kahayangna anu teu ducumponan. Ngarasa teu dipiharep ku bapana, atuh Déwi Kadita hirupna leuwih mindeng jeung pangasuhna tibatan jeung indung bapana. Ema pangasuh nyaaheun pisan. Déwi Kadita dinangna-néngné.

Ema pangasuh ngabogaan anak. Dingaranan Ragil Pamungkas. Budakna kasép. Dedeg pangadegna biasa, jajar pasar jeung budak lalaki séjen. Bédana Ragil Pamungkas boga uteuk rada éncér. Ari sopan santunna sarua jeung Déwi Kadita. Déwi Kadita jeung Ragil Pamungkas sapangulinan ti leuleutik. Sanajan kitu, manehna sadar yén manéhna ngan saukur anak tukang ngurus kuda. Sanajan loma ogé tetep waé Ragil Pamungkas ngajaga jarak. Manéhna nempatkeun diri jiga jadi abdi karajaan.

Saurang deui batur sapangulinan Déwi Kadita ti leuleutik téh nyaéta sobatna Ragil Pamungkas anu ngarana Kundang Rebing. Pangawakanana pécékrék hideung. Tapi jalingeur. Uteukna teu éléh éncér ti Ragil Pamungkas. Leuwihna Kundang Rebing nyaéta resep ngoprék, hayang sagala nyaho, jeung rada jail. Kawanina leuwih gedé ti Ragil Pamungkas. Tiluan ieu sosobatan sapangulinan. Lamun Déwi Kadita kakasangan, émah-émahan, cocooanana ambacak, Kundang Rebing anu pangheulana mémérés, ngabenahan. Tuluy ku manéhna diteundeun di tempat anu aman.

Ti leuleutik sapangulinan jeung anak balaréa, Déwi Kadita ngabogaan pasipatan anu beda jeung pasipatan kulawargana di kadaton. Déwi Kadita miboga kanyaah ka balaréa. Atuh rahayat oge nempokeun kacinta ka Déwi Kadita anu kalintang gedena. Déwi Kadita ngajanggélék jadi putri anu kawéntar, geulis kawanti-wanti tur laku-lampahna anu hade, mani sabiwir hiji.

Raja Munding Wangi nyahoeun yén putrina dipikacinta balaréa. Tapi raja keukeuh peuteukeuh ngarasa teu puas sabab anakna awéwé. Raja hayangeun boga anak lalaki keur panerus kalungguhanana, jadi Raja Pajajaran.
(Hanca )

Reporter : Sopandi
Editor : Hamdanil Asykar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *